Kamis, 15 November 2018

Sinopsis Novel Sunda

SI BOHIM JEUNG TUKANG SULAP




Jejer Buku : Si Bohim jeung Tukang Sulap
Panulis : Samsoedi 
Pamedal : PT. Kiblat Buku Utama
Citakan : ka 1, 2016
Kandel Buku : 76 halaman
Harga Buku : Rp.20.000,-


Tokoh dina ieu carita, Si Bohim, téh anak tukang patri di lembur, nu kahi­rupanana basajan pisan. Si Bohim teu kungsi tamat sakola dasar, sabab kababawa teu bener ku baturna, Si Kardun, anu bengal. Malah dina hiji waktu Si Bohim garelut, kakadék ku pakarang anu tuluy jadi tatu parna. Tina éta kajadian Si Bohim babalik pikir: daék sakola nu bener.  Ngan waé kudu ka kota sabab éra ari kudu balik ka urut sakolana mah. Di kota manéhna dititipkeun di kapi bibina. Ngan, dasar nasib, manéhna kudu balik deui ka lembur. Lantaran geus insap, Si Bohim saregep digawé mantuan kolotna.
Dina hiji waktu, aya tukang sulap nu kabeneran ngamén ka lemburna jeung tuluy mondok di imahna. Tukang su­lap, urang India, ménta Si Bohim mantuan manéhna ngamén. Saprak mantuan tukang sulap, Si Bohim diajar maén sulap nepi ka mahér.  Ku kituna sabada tukang sulap maot, manéhna jadi gantina. Si Bohim bisa hirup tina ladang maén sulap. Ngan, manéhna teu tulus jadi tukang sulap, lantaran ditipu ku batur. Ieu carita, saperti carita-carita Samsoedi lianna, loba pulunganeun, piwuruk, jeung tungtunan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Sinopsis Novel Sunda

SI BOHIM JEUNG TUKANG SULAP Jejer Buku : Si Bohim jeung Tukang Sulap Panulis : Samsoedi  Pamedal : PT. Kiblat Buku Utam...